eyangbeunteur 2009
1
“BUBUKA AJINING RASA” Ki Laras Maya Poerba Sasaka
Niat kuring aji-ning rasa.
Rasa goib titipan nu Maha Tunggal.Tunggal sarasa , tunggal sa-pangawasa,
Jalan nu rahayu mapag alam kabagjaan, Eunteungeun diri pribadi.Basa mah
gambaran rasa. Budi mah gambaran ati.Ngancik’na raga salira.
Dina batin anu sidik, anutara daek nga-bohong, jeung di bohongan.
Jaga diri ati-ati. Pinasti hirup taliti
Dumugi mapagna pati.
Hirup pasti, ku cageur na, ku bageur’na ku bener’na.
Sing taat ka pamarentah.
Repeh rapih, beres roes, tur akur reujeung sasama. Mahluk nu sugih hartina,
beunghar harta, salamet
hirup kumbuhna.
Amjalu papadang ati. Awaking bujang ka sakti. Bisa maca bisa ngaji. Ngajina
na tungtung ati. Macana na tungtung rasa. Nu hurung dina jajantung. Nu
herangna, di kalilipa.
Hurung tanding dammar hurung. Siang tanding dammar herang. Anu
hurungna, kurungan.
ANu herang, eusi rasa.
Kadi bulan, kadi sarangéngé ngahing medal. Remet ménténg dina angen.
Anu ngilo dina tikoro. Nu ngintip dina lalangit.
Buka ini buka rohani.
Buka sintung, bukakeun gedongan ati.
Pang mukakeun cahaya ti anu maha kawasa. Supaya kapanggih bukti.Nu
puguh diri sajati.
Kudu nyata ceuk tuduhna. Bray cahaya, bray cahaya.
Cahaya anu kawasa.
Ka anu nyepeng dinten tujuh dawuh lima. Pager duawelas.
Kasaderek anu opat, kalimia pancer salira. Ka saderek anu medal,
Ka sederek nu teu medal. Ti putra anu medal.
eyangbeunteur 2009
2
Ti putra anu teu medal. Guru lahir, guru batin.
ti guru sidik. Ti guru permana. Ti nu ngukur tangtung,
Ti nu kagungan rahayu. Ti nu kagungan darajat.
Ti anu ngandung. Ti anu ngayuga.
Ti luhur anu mayungan.
Ka handap anu nganparan. Ti gigir anu ngajaring.
Ti tukang anu ngagiring. Ti hareup anu nampian.
Aki sakti, Nini sakti. Nu nunggu di birit leuit.
Ibu ratu, Rama Agung. Nu ngaping geusan nyalindung. Nu calik Di pasir
layung. Nu geulis putri rengganis.
Nu ngancik di pasir panggung. Nu kasep kang
Kamajaya
Gunung purba, panungkeban Para-Hu-na Nu nyalungkran pasir asih, nu
ngabinih. Pa-gelaran alam kandung asih indung.
Pa- ngawit-an pangrungruman tuturunan.
Bukti Tunggul,
Nya muga, tunggul anu ngarahayu, ti sunan ambu. Nya muga, tangkal anu
ngadarajat, ti sunan rama.
Turun pulung ka Galuh agung.
Galuh geusan di nyalindung. Mangsa di bentaran gelap Gunung gelap reureuh
mijah, Ku aji ning halimunan,
Di sieuman ku handeuleum. Di caangan ku hanjuang.
Meleberna pulo sari, ning mangari.
Pangrungruman menak ti gunung haruman. Gunung geulis, ci ibun anu
ngareumis, Papandayan, ngukir tangtung ku tulisan.
Ka para Hyang nu suci.
Nu mancer cahyaning Gusti.
Nu Murba, anu wisesa.
Nu Agung anu maha’na.
Anu kersa anu karsa.
eyangbeunteur 2009
3
Nu ngersakeun nu ngarsakeun.
Tabé Pun ahung nya ahung. Amit sun hampura ingsun.
Nya paralun, seja ulun ,Kapara luluhung agung.
Nu ka agungan ku pangagung.
Nu ngadeg di uwung-uwung. Nu ngadeg di awang- awang.
Anu sirna di mandala panta panta.
1. Di Mandala Méga Manggul
2. Di Mandala Méga Malang.
3. Di Mandala Méga Beureum.
4. Di Mandala Méga Si karembangan.
5. Di Mandala Méga Si kareumbingan.
6. Di Mandala Méga Si antrawela.
7. Di Mandala Pa-Guruh, Pa-Guntur, Patapan Guntur.
8. Di Mandala Bumi suci kerepek séah.
9. Di Mandala Bumi Beureum.
10. Di Mandala Bumi Hideung.
11. Di Mandala Bumi Héjo.
12. Di Mandala Bumi Konéng.
13. Di Mandala Bumi Hawuk.
14. Di Mandala Bumi Putih.
15. Di Mandala Bumi Céngcéréngan.
16. Di Mandala Bumi Sanghyang Sorong Kancana.
17. Di Mandala Bumi Sang Hyang Ribut.
18. Di Mandala Bumi Suci Alam padang.
Galura bakti ,ka luluhur
Ka -Papara karuhun urang sakabéh. Urang mimitian ku surat anu biasa.
Nu ilahar di paraké jampé. Tibaheula nu jadi tari paranti.
Pun sampun ka sang roh Pun. Ka handap ka sang Batara.
Ka luhur ka sang Batari. Batara raga salira, Batari batin nu sidik.
Anu ngancik dina ati sanubari séwang-séwang. Anu tara ngabohong jeung di
bohongan.
eyangbeunteur 2009
4
Ka Batara Sunan Rama. Ka Batari Sunan Ambu.
Karadén caang gumelar, cahaya sakti. Ka nyimas gumilang seblak.
Seja nyanggakeun pangbakti. Sapulukaneun.
Tik bul ning menyan kaula
Cahaya beurum kanyataan na amarah. Tik bul ning menyan kaula.
Cahaya putih loamah
Tik bul ning menyan kaula. Cahayana sawi yah.
Tik bul ning menyan kaula.
Cahaya na mut ma inah.
Seja mundut ka emban, kanu geulis. Ka iringkeun kunu kasép.
Nu geulis Sri Sayana.
Nu kasép Bujang Sarana. Nya ieu ibu jeung rama.
Pang dugikeun ka anu maha Kawasa. Kukuh kula-kukuh puji.
Kukus dangdayang mantra. Dangdayang turus na wati.
Turusna karang Pohaci.
Pang maratkeun, ka-sang Hyang Pangéran Parat Nga- Mohon tembuskan,
kepada yang Maha Menembuskan Sapulukaneun ka sadaya para luluhur.
Karuhun karuhun suci. Anu ti kalér, sa kalér
Anu ti kidul, sa kidul Anu ti kulon, sa kulon. Anu ti wétan, sa wétan.
Jisim kuring sadayana.
Neda bagja, neda hidayah, neda mangpaat.
Neda maunat, neda caang. Neda padang, narawangan. Neda salamet, neda
barokah..
Kum teu badé di wiji-wiji.
Dunga-na para kasepuhan sadayana. Anu masih kénéh gelar di alam hirup.
Kikisik lambak sagara.
Ulah ungut ka linduhan. Ulah gedag ka anginan. Di siuk ku ibu, di bauran.
Di cokot nya di émbohan. Nya di bawa, di tambahan. Si nyimas nama ning
sari.
Geura tah mayang larangan. Geura hudang,geura tanghi.
Di hudangkeun kunu lenjang Di tanghikeun kunu geulis.
eyangbeunteur 2009
5
Cag………Rampés.
SUNDAMANTRA
(JANGJAWOKAN WARISAN TI AKI JEUNG NINI)
SAHADAT SUNDA
Ashadu sahadat sunda,sahadat kaula ngan sahiji
Raden santri kuncung putih,nu calik di Cirebon girang
Nu rebo tanpa wekasan,hurip Gusti, waras Abdi (…atawa gentos ku nami nu
bade di landongan)
Hurip teu keuna ku Gingsir, Waras teu keuna ku owah
Hurip ku kersaning allah ta’ala
Laa Ilaha Ilalloh , Muhammadur Rosululloh
SAHADAT IMAN
Ashadu Iman tuhu,sahadat iman nuradan
Iman ngadeg satuhune
Qori Allah,Korsi Allah,.Korsi Nabi Rosullulloh
Laa Ilaha Ilalloh , Muhammadur Rosululloh
SAHADAT SANCANG
Asyhadu syahadat sunda
Jaman Allah ngan sorangan
Kaduana Gusti Rasul
Katilu Nabi Muhammad
Kaopat umat Muhammad
Nu cicing di bumi angaricing
Nu calik di alam keueung
Ngacacang di alam mokaha
Salamet umat Muhammad
SAHADAT RAMBUT KASIH ( PARAGI MUN ULIN KA TEMPAT
SANGET )
eyangbeunteur 2009
6
Ashadu Shadat Nyi Rambut Kasih
Shadating Prabu Renggas Panyuruh
Wiradenta Partanegara Nyi Rambut Kasih
Tungku tilu, jangka papat
Guru tanpa weru, Pangeran tanpa werat
Sakabehing Gunung Sunda
Panatagama Renggas Panyuruh
Sri Maharaja Girilawungan
Den Istri Dewi Pitaloka Girilawungan
Sindangkasih Sugih Mukti Majalengka
SAHADAT SEJATINING DIRI
Ashadu dzat gusti dzat abdi,rasa gusti rasa abdi
jumeneng gusti jumeneng abdi,dzat sejatining manusa
kawasa sa alam dunya,tunduk takluk sakabeh mahluk
tunduk tanak kersa ku kawasa alloh
hirup langgeng di dunya ,hirup langgeng di akherat
kun sejatining manusa ruh kaula jasad,
jasad kaula dunya ,ruh kaula akherat
laa ilaha ilalloh muhammadur rosululloh
DU’A PANGEUSI DIRI
Abdi seja matihahan ,istighfaran ,Subhanalloh seluruh tubuh sedulur papat
kalima pancer
Ghoib...Ghoib...Ghoibul...Ghoib sukma sari,sukma rasa,sukma tunggal,sukma
akbar
sukma anu ngaraga sukma dina sukma sejatining manusa ngaraga sukma
jeung badan kaula
sukma sampurna ning manusa tekad ucap laku lampah amal perbuatan aqli
qouli fi'li ghoibi
sumsum balung ,urat lamat ,darah daging ,kulit bulu ,rasa perasaan
,pangawasa ,pengersa ,paninggal
eyangbeunteur 2009
7
pandingaran ,pangangseu ,kanyaho hirup hurip dzatna ,wujudna sampurna
manusa
cai sucina angin,suci seuneu ,suci bumi , suci sir
amarah,shawiyah,muthma'inah,lawamah,mardiah,
rodiah menuju li ala kalimatillah.
MIARA AWAK
Tangtung aing Ratu Galuh
Perlaku aing, jaya aing
Ka di kuwung , Ka di layung
Ka di siang , Nunjang anom
Nu lungguh dipanon poe
Pakan peunteu, bula ros di muakalam
DU’A PANYIPUH ELMU PANGAWERUH (MANDI KEMBANG)
Burrr sipuh pangaweruh,pangasahan pangawasa
hurungna ku gusti.lencopna ku allah ta'ala
laa ilaha ilalloh muhammadur rosululloh
JAMPE MANDI
Sarauk banyak kastori , Sacibuk manggilang-manggilang
Karesmining tatapakan rosul , Hurip mulya
Cahya cahyaning Gusti ,Sia tetep, sia madep
Sia lulut, sia emut Sujud sinembahRep.. ka awaking
SIREP TUTUNGGAL
Gusti ning cahaya illahi
Cahaya qolbu
Hei………….
Tali ari-ari satukal budah kula
Rep sirep geterin taneuh Guntur
Geter-geter ati mikacinta sia ka kula
Rep rapet ubun-ubun
eyangbeunteur 2009
8
Sapeuting nyaring, sawulan inget
Prak keur sia
KILAH KAPRABUAN
Mata ing katalama sung prabuan
Inya artata wung lingga ingkanan
Estu natala, estu natala
Sing kabeh ka kama
Ka kama irta kalla ima-ima
Kallama asih rangtakun
Ngantup sing ukur
Kama irta prabuan
JAMPE AWET NGORA (MANDI KEMBANG)
nyiuk sinujum mara sinum, hiyang sinum barasatan,
nu ngariung siga tunggul, nu ngalayah siga kalakay,
ulah mupul sari aing, ulah mupul sisi aing,
ulah mupul sila aing, sari si itu si éta,
cahaya beunang ku aing
MUNGGARAN RAGA
Sacemplak tingpuruluk
Rante badag tingcareplak
Hade sing ngarah hade
Wasa sing warah wasa
Tetepi kulit kula
Dagdagan raga kula
Nyampang tebih nyampang heang
Nyampang gering mun diteang
eyangbeunteur 2009
9
PANOLAK TELUH,TENUNG, WEREJIT, PELET,
GENDAM JSB….
JAMPE PAMULANG TELUH 1
Allohuma balik sumpah wahid,roh beureum nyawa bodas
daun di bunteul ku daun
bisi aya nu sirik ti kidul,pamulangkeun deui ka kidul
bisi aya nu sirik ti kaler,pamulangkeun deui ka kaler
bisi aya nu sirik ti wetan,pamulangkeun deui ka wetan
bisi aya nu sirik ti kulon,pamulangkeun deui ka kulon
pur sapamulang,pamulang pamayangsari
sari pamulang rasa,rasa pamulang cahaya
pamulangkeun rasa kaula kanu sirik pidik jail kaniyaya
laa ilaha ilalloh muhammadur rosululloh
JAMPE PAMULANG TELUH 2
aing nyaho asal sia ratu teluh ti gunung agung
aing weruh dumuk sia si sang ratu ceda cawal buah reumbay
sang ratu gereleng herang baya, baya tan ku baya
nya sia nu baya ta mah hirup ku pangaweruh
waras ku pangawasa hiding ! hiding ! hiding !
istan ! istan ! istan !
mangprung ka gunung agung ka asal sia ,malik kana diri..."
JAMPE PAMULANG TELUH 3
Papag halang papag sungsang, pa papag pa pulang pulang,
bisi datang penyakit ti kidul, di pulangken deui ka kidul,
eyangbeunteur 2009
10
Papag halang papag sungsang, pa papag pa pulang pulang,
bisi datang penyakit ti kulon, di pulangken deui ka kulon,
Papag halang papag sungsang, pa papag pa pulang pulang,
bisi datang penyakit ti kaler, di pulangken deui ka kaler,
Papag halang papag sungsang, pa papag pa pulang pulang,
bisi datang penyakit ti wetan, di pulangken deui ka wetan,
Papag halang papag sungsang, pa papag pa pulang pulang,
bisi datang penyakit ti luhur, di pulangken deui kaluhur,
Papag halang papag sungsang, pa papag pa pulang pulang,
bisi datang penyakit ti handap, di pulangken deui ka handap,
Blek bumi blek langit, blek nu dikawasaken,
nya aing nu dikawasaken / nya (…sebutkeun ngaran nu geringna )
nudikawasaken,
tawa aing tawa Galunggung ditawa kusang idu putih nu calik di Pangarengan,
tawa tawe-tawa tawe di tawa ku sang idu putih ah tawa ku sang idu putih,
aing nyaho diratu teluh, Sang Ratu Geleber Putih, nu calik di gunung
Gulunggung.
JAMPE PAMULANG TELUH 4
Siriwi kula siratin , Mina haji kurawul kabuli badan ,
Papag papupang-pulang Cunduk nyungcung datang rahayu ,
Anu runtuh sira nu gempur , Nu ngadek sira nu paeh
Nu nyimbeuh sira nu baseuh , Nu nyundut sira nu tutung ,
Nya aing Ceda Wisesa Panca buana di buana panca tengah ,
Tiis ti peuting ngeunah ti beurang
Ngeunah ku Allah Taala , Ya Allah hurip waras (3 X)
JAMPE PANYINGKIR KUNTI
Bismillahirrohmannirrohim
Nyi Dadru Nyi Bambrang Séra
Sia ulah lengok depong ka dieu
Di dieu mah lain tahaneun sia
Di sabrang di Palembang
Di laut Nusatengah
eyangbeunteur 2009
11
Sira mati kuntilanak
Hurip saanak-anak Sang Ratu Lingga Buana
Murus maris maring ingsun
Clag hurip sia ulah lengok depong ka dieu
Di dieu mah lain tahaneun sia
Tuh di ditu di tétélan méga malang
PANYINGLAR SETAN
Singlar aing singlar Pakuan
Prabu Kian Santang Sang Rumajang
Prabu Gagak Lumayung Ong Bayu
Kasinglar putrid ayu
Laaillahaillallahu Muhammadurrasulullah
Sang Ratu Hideung keupeul
Nu tapa na dampal leungeun
Kian Santang Kang Lumajang
Papatih Gagak Lumayung
Tuan Haji Kudratullah
eyangbeunteur 2009
12
PANGABARAN JEUNG SIMA KEUR KAWIBAWAAN
PANGABARAN I
Sri wedi banteng kala, kala nengak singa tulen,
da aing teu katetep teuhidep, teukasima teukaparibasa,
da aing nunangtung dikarahayuan, maung ngamuk datang sadu,
badak galak datang depa, oray laki datang numpi,
oray welang datang nyampay, nya aing nungadeg disarangenge.
PANGABARAN 2
Siu guntur sima guntur simaung sima manusa,
sima aing sima maung lain nyima ka kayu ka batu tapi nyima ka manusa
disima ku kaliwasa ret meneng, ret meneng ku pangawasana,
sabda gumilang beubeur kancing nagawisnu
(gumilang) 3X, (kepek) 3X, (ret meneng) 3X,
sungsum balung tulang sani sia ngalungkuruk sia kaya kapas kaibunan.
PANGABARAN 3
Munggang mali-munggang mali, munggang mali ratek peujit,
peujit sia dibeulit- beulit, tulang sia ditumpang- tumpang,
tutunggangan sabda kahimengan (ah himeng 3x)
bali sia geusan ngajadi, santen sia geusan ngajanten (ret janten 3x)
sungsum balung tulang sia ngalungkuruk kaya kapas kaibunan.
eyangbeunteur 2009
13
PANGABARAN 4 (SIMA)
sima aing sima maung
pangabaran singa macan
sia sieun ku aing,lain aing nu sieun ku sia
nur haq nur.......(jleg nenjrag bumi)........
ashadu alla ilaaha illaloh....
wa ashadu anna muhammadarrosululloh..
PANGABARAN 5 (SIMA)
Basmalah (Bismillahirohmanirrohim)
Allahuma Rangga Komala
Muhammad Rangga Allah
Katibanan Cahya dening Allah
Pada anut pada asih kabeh jalma
Sujud madep naring isun
Tuh anom lanang wadon menak krama
Jalma kabeh...
Syahadat 3X
PANGABARAN 6 (SIMA)
sima aing sima maung sima lama
bisma bungkeum rek ngabungkeum
sajagat buana kabeh
QULHU NANGTUNG
Jampe keur ngubaran encok, rematik jeung sajabana panyakit saraf
Qulhu nangtung rohim ngedeng
Rohim anu ngecos urat geutih
Mengkel sari hade sang peuleutik putih
Sang parapat herang sia ngaleungan
Aing nyaho ka ngaran sia Geutih meuting dina kulit
Darah ngenong dina cekol ,Anta boga kuku bima
eyangbeunteur 2009
14
Nya aing anu nyekelan ratun ,Brajamustina manusia
JAMPE NGUBARAN RAHEUT 1
Bismilahir rohman nirrohim
Hu dat herang langgeng anu nyurup kana nyawa
Ras kala jeung eling aya di Gusti anu nyanding
Gerak kawasa anu manjing hak kalam jeung mutakalimun
Jaya wisesa aya di kaula hirup waluya asal biasa
Hak cageur (3x) cager ku kersa hayat
JAMPE NGUBARAN RAHEUT 2
Bismillah... ( parunten ka karuhun )
uden uden tampa ini, dug deg baju baraja bijil ti awang jaizun kukudung alloh,
hulu aing batu wulung, iga aing cadas ngampar, tulang aing lamad aing, urat
aing, daging aing, getih aing, kulit aing, bulu aing nya
bagean aing. rep dapet ku kersaning alloh.. hu alloh.. hu alloh..
JAMPE BEUNGHAK BEUTEUNG Cakakak di leuweung , Injuk talina
Dihakan dibeuweung , Hitut jadina
Plong blos plong blong………
(Bari diusapan beuteungna …)
eyangbeunteur 2009
15
ASIHAN JEUNG PELET SUPAYA DI PIKANYAAH KU
SASAMA ASIHAN 1 Samping aing kebet lereng , ditilik ti gigir lenggik ,
diteuteup ti hareup sieup, mikaeunteup mikasieup ,
mangka eunteup mangka sieup ka awaking, awaking ratu asihan ,
ti luhur kuwung-kuwungan , ti handap teja mentrangan
ditilik ti tukang lenggik , di tilik ti gigir sieup ,
mangka eunteup mangka sieup
asih…asih… asih…. , asih ka badan awaking.
ASIHAN 2
Bali meneng tunggal meneng Alat-alat parah meneng ,
Ah meneng sajagat kabéh
Inga sia di mana meuting Di puncak di angkasa
Sia diliputan ku halimun Dilanat ku mega bodas
Bayu sia pédah kabatu Bayah sia pédah ku catang
Seuweu komo ringkep Seuweu ménak komo hayang
Nu asih pahiri-hiri Nu hayang paheula-heula
Rét nu haying Rét nu asih
Nya aing ratu asihan
Ya Alloh Ya Rosul
Ya Muhammad Ya Adam
eyangbeunteur 2009
16
ASIHAN 3 (KANGGO ISTRI )
Kayamu di samudaya Ngalih ka pancana
Matak linglung ti peuting Gundam ti beurang
Pas inget ka jalma si aa
Bayu sia di gandrung Basa sia dibawa
Deukeut aa sing kadeuleu Jauh aa geura tuturkeun dimana baé.
ASIHAN 4
Asihan aing si panah rasa Rasa dipanah ku cipta isun
Juh teleng alip nu ngadeg di tungtung
Kulincer nu ngulincer haténa si…….
Kaedanan ku harta La illaha illaloh Muhammaddarosululloh 41 x.
ASIHAN 5
Ratu manan ratu gayaga
Ngaran menak kamana ka holan
Jalma ngancik sia Kuwu panutan aing
Aing panutan sia Sia geura manut ka aing
ASIHAN 6
mat mat kalemat,
pangemat ka nu ngaran si ……….
eundeur sadayeuh, géhgér sabalé,
komo ratu komo rusuh,
déwata nu matak hayem, mangka welas mangka asih,
asih ka badan awaking.
ASIHAN 7
Bismillah……..
ancik-ancik kencana gumilang, ciboke canting salaka halimah,
ngaranging uyah lewana,ngaraning asem,
teka welas teka asih, jangleng asih salirane arjuna
telor asih sih asih (sebutkeun ngarana…) karaga badan awaking
eyangbeunteur 2009
17
awaking raja asihan rep sumerep ka badan awaking awaking raja asihan
ASIHAN 8 ( SILEUGEUT TEUREUP ) Asihan aing Si Leugeut Teureup, Ti teuteul ti amburateul,
Rapet napet kanu udel, Mangka eunteup mangka asih
Si (…….sebutkeun ngarana( binti……sebutkeun ngaran indungna )
Asih ka awak aing
ASIHAN 9 ( SERANGENGE)
Enek-enek sarangenge, awaking ngalahun bulan
juragan datu kasep sorangan, ngahiung bangbara tunggul
ngaheang bangbara catang, nyeuseup sari duhung sari lampung
sari gempa mani aja, lain nyeuseup sari duhung sari lampung
nyeuseup sari si itu, mandah rasa si eta, maan sari ka awaking
Nu ngariung jiga lutung, nu ngajajar jiga ojra, nu ngarendeng jiga monyet
awaking kasep sorangan, malik neneh malik saneh, malik welaskarunya ka
aing
da aing ratu asihan di buana panca tengah
ASIHAN 10 (KASEMARAN) Asihan aing siku mat mesem, arana kinasihan si teue,
si kura teuel peul gera napel si (.....sebutkeun ngarana)
Ka awaking yeup tuturkeun aing ka mana bae".
ASIHAN 11 (SEMAR MESEM VERSI SUNDA) bismillahirahman nirahim
angkang ingking nanggung rinjing jol si togog lar si semar
aha ehe ngajar seuri,nya aing ratu ratu asihan
mangka welas mangka asih (….sebutkeun ngarana ) ka awaking
ASIHAN 12 (MERUHKEUN MUSUH)
Sima aing sima maung
eyangbeunteur 2009
18
Sima manusa satitik manggiri, satangkal jeung badan
Marah sia geus kapungkas
Sangkiricik ngaran sia keur leutik
Sangkuricak ngaran sia keur budak
Kapingkas kapungkas amarah sia ku aing
Sing asih, welas asih ka diri aing
ASIHAN 13 ( HAREUDANG…DANG…DANG )
Ka indung anu ngandung, ka rama anu ngayuga
Ka indung anu teu ngandung, ka rama anu teu ngayuga
Ka dulur opat ka lima pancer ,Pang nepikeun ieu haté
Ka indung anu ngandung, ka rama anu ngayuga
Ka indung anu teu ngandung, ka rama anu teu ngayuga
Ka …………… ka dulur opat ka lima pancer
Kalawan kanu ngurus ngaluis
Hirup jeung hurip……………(Sebutkeun ngaran nu rek di pelet)
Pamugi sing deudeuh ka ……(Sebutkeun ngaran nu melet )
SI TARUK GADUNG
Asihan aing si taruk gadung
Sataruk nu matak lanjung, salambar nu matak hayang
Sasoéh nu matak léwéh, sih asih ka badan awaking
PELET 1 Bismillah , Kum awewe
Wataji kulhu absar , Wahuwa Latiful Khabir
Sabulan sang ratu nu colalang , Sabulan mangrupi ,
Dua bulan putri mananjo Tujuh bulan kolot ,
Salapan bulan sang goledah , Gereleng putih
Jig ka cai ngadon ceurik , Jig ka darat ngadon midangdam ,
Jig ka imah asa jobong koong Kop cai asa tuak bari ,
Kop dahar asa tatal bobo , Kaula nyaho ngaran sia…si…….
eyangbeunteur 2009
19
PELET 2
Bismillahirahmanirrahim
Amatkeun sejaron guying,Teteger aya di pasar
Gagamana suda lanang saking suarga
Lamun sabetkeun ka gunung Gugut
Ka lautan saat, ka bumi bengkah
Lamun disabetkeun ka langit tujuh amblas
Lamun disabetkeun ka si pulan
Tunduk runtut raut babarengan sareng kakasihku
Lamun keur ulin balik
Lamun keur saré sina hudang
Lamun geus hudang titah diuk
Lamun geus diuk lengkahkeun ka imah
Ngadeukeutkeun kakasihna
Lailahailallah Muhammadarosulullah
PELET 3
uluk-uluk nabi daud, yapatahu yarozaku
silalajug siladeku sing tunduk ka awaking
akmana,sukmana,bayuna,hatena,
ingetanana si [………sebutkeun ngarana]
bin […………..sebutkeun ngaran bapana]
ya rohmanu yarohimu
PELET 4
Tunjuk aing simarincung, ditunjuk ku dua mangkuk
diondang sangkala dating, bayu sia geus ditungtun
atma sia geus dibawa, kurungan sia di aing
teu wedi paseuri seuri, teu weudeu padeuleu-deuleu
tepung tingal mendak layan
amprok jongok manggih jodo (….sebutkeun ngaranna )
aing tuturkeun
PELET 5 (Kanggo bacaeun istri)
eyangbeunteur 2009
20
Ka cai sia ngadon ceurik, ka darat sia ngadon midangdam
datangkeun sia belang, deukeutkeun sia kelong
selenteng angen sia ka aing, ret hayang ret asih
asih ka badan aing,tuturkeun uing Kang (……sebutkeun ngaran lalakina )
PELET 6
Bismillahirrohmanirrohim,
sun angaruhi ora ana pangeran anging Alloh,
lan sun angaruhi satuhune Muhammad iku utusane Alloh,
Allohumma sholi ala sayyidina Muhammad,
Lur munding aing si jalur, lar badak aing si lantar, surungkuy menta diangkus,
harempoy menta dikerong, didadungku pangaweruh, diraksaku pada rasa, rasa
aing pindah ka sia, rasa sia pindah ka aing, hir angin aing si pengangin,
keletek ka piangenan, kerdiuk kana lahunan, kerlempang ka indung suku,
kersare kana tibrana, jauhna mangka kairut, ret peret benangku asihan kabeh,
malik neneh malik aneh, ujaku karunya
PANOLAK PELET (Bisi pelet salah sasaran hehehe...) Imut aing imut kunyuk , seuri aing seuri lutung
sora aing sora domba , tangtung jiwa anu burung
lengkah kawas anu siwah , angin malik ka jadina
gendam mulang ka asalna , pelet hamo daek masket
Hihihihi………..
eyangbeunteur 2009
21
JAJAMPEAN KARUHUN
JAMPE MUN REK MANGGIHAN JELEMA REA(KA
ONDANGAN / RAPAT) Bissmillahirrohmanirrohim
celana aing celana sutra, baju aing baju sutra
peci aing peci sutra, di gulung-gulung dibuka
di buka di loba jelema, nu ngariung siga lutung
nu ngarendeng siga monyet, awak aing kasep sorangan
di baca 3x tahan nafas,tiupkeun kanu leungen terus usapkeun kanu beungeut.
JAMPE GEUMPEUR 1
Sima sia sima aing
Sima sia aya di aing
JAMPE GEUMPEUR 2
Bismillahirrahmanirrahim
Allahumma roh madep
Cahaya hurip hurip ku cahaya
Roh kudus madep hurip ku cahaya Allah
eyangbeunteur 2009
22
Somad somud kalawan roh idofi
Kang angadeg
Hurip ku cahaya Allah
Roh hurip ku cahaya Allah
Madep maring Allah ku Allah (2X)
JAMPE NYARANG HUJAN
Mega mengkol ka kulon,Haseup mawa ka kaler
Hujan mawa ngetan,Tungkul tuluy ka kidul
Aki tumenggung ajeg di tengah panggung
Disered meped ngaler, ngetan, ngidul, ngulon
Laahaula wala quwwata illa billaah
JAMPE LUMPAT JAMPE LUMPAT 1
Bismillahaahir rahmaanir rahim
Pur puyuh, Cleng peucang
Jagat ngariut, Batu beukah
Durungkeun ku sang dewa
JAMPE LUMPAT 2 (AJIAN KALAKAY MURAG )
Rincik manik ratu intan, Gunung tulak babu hawa
sakunang kunang kumpulkeun sakabeh nyawa
jelug-jelug panca tengah, ah hampang...ah hampang...
hampaning ku Kersaning Allah...........
JAMPE LUMPAT 3 (AJIAN KIDANG KANCANA)
Koleang pluk ninggang kapuk, koleang plak ninggang kapas,
pluk katimbul sirah kateguh ning nu Agung ngabuana,
kul menekul des banyu rata bumi lita saur inang ge mokaha,
ret rampung sajagat kabeh
eyangbeunteur 2009
23
JAMPE PADJADJARAN
Berkingkin jer kejo ketan
dihalang ku telon tembok
keuyeup naek langke
kayu dibetot..(sorodot pros )
karek we bebas
KAWEDUKAN ( HAREUDANG.......CUUU _/\_ )
RAWARONTEK
Hurmiang sang gurmiang, lomari turun ngabangri,
lomara turun ngabangra, taneuh garing taneuh baseuh,
ngahiji jadi sarawa, ngarawat awak awaking, keclak cai jadi saawak,
saawak ngaraga cai, hiliwir angin kana raga, ngahijikeun raga awaking,
nya aing sirawarontek.
RAWARONTEK ( Versi JavaMantra )
Bismillahi rahmanirahiim
Allohumma sirning manjing salirane Limput Liwung ,Ingsun urit tan keno
pati,langgeng tan keno rusak,
Kakang kawah adi ari-ari ,Kunir welet rewanggono aku,bopo koso ibu pertiwi
PANCASONA
Bismillahi rahmanir rahiim
Niyat ingsun amatek ajiku aji pancasona,ana wiyat jeroning bumi,Surya
murub ing bantala
eyangbeunteur 2009
24
Bumi sapitu,anelahi sabuwana,rahina tan kena wengi,urip tan kena pati,insung
pangawak jagad,
Mati ora mati,tlinceng geni tanpa kukus,ceng cleleng 2X ,kasangga ibu
pertiwi,tangki dewe urip dewa aning
Jagad,mustika lananging jaya,hem aku si pancasona,retune nyawa sakalir.
KAWEDUKAN (Eyang Batara Karang )
Awak aing sibatu wulung, tangtung aing Batara karang,
tikatuhu Ratu Galuh, tikenca Tajimalela, ceuli aing tandaning beusi,
tarang aing tandaning waja, tonggong aing waja balitung,
khodima-khodima hadir Eyang Mudik batara karang.
BATARA KARANG
Pangabaran sajagat gulung manik maya
Gentak satetel guna wisésa
Dada sia dada aing ret buret
Papuket-puket badan sateruk jadi tunggal
Tunggal raga kalawan nyawa
Nyawa sia nyawa aing
Satunggal sajaya
Saciduh metu saucap nyata
Leungeun kula badan kula
Weteuh ning waja
KADUGALAN
Bismillahirrohmannirrohim
Lung-lung kalung jasilung
Barsat siat-siat-siat
Kuat-kuat-kuat-kuat-kuat-kuat-kuat
TAMPALAN WAJA
eyangbeunteur 2009
25
Ngajénkeun nayagag na sasak raga
Jemat cai sampareun pangajén
Pangajén pacarak tampa
Katampa katumpukatali mada
Na dieu waragan ragaseja malik patelak cai malik
Ka sasanggalakan nu nyempah pararatan
Langin ganggala hyang
Kula nyampar kasakténan sakti
Rampa liat nyisik bumi
Taneuh galiat nyasak awing
Jah amaji panca tapak gagad
Aji rancighanjag wancag
Aji tapik tapak rencag
RAGA BAJA
Raganing kuat, hate ning suci
Pangijen sangyang lin-lin sagawayah
Raga kula seugseugna patali rap na ti gusti
Sumangga rap na awak
Raga baja saturna blos siga cai
Alih raga kula shakti mantra guna
WEDUK BANYU (Rawarontek versi Hizib Rifa’i)
Bismillaahirrohmaanirrohiim.
Bilhaqi manqola sayidi Kanjeng Syekh Abdul Qodir Jaelani
Wasayidi Syekh Ahmad kabirur rifa'i Wayukolu raekuka minal marodi
wasukmi walgoerihimakareki (Allah hadir) 3X
BRAJA MUSTI (Versi Sunda )
Bismil kuat mudaning kuat, Aku braja musti,
Jariji aku batu ireng curuk aku wesi kuning,
gunting tangan peurah aing tulang waja,
kulit aing wesi kuning cagak rasa gurat aing.
eyangbeunteur 2009
26
BRAJA MUSTI (Versi jawa )
Sun matek ajiku braja musti,terap terap,awe awe,
kuru kuru griya gunting drijiku watul teming tanganku,
sun tak antem laa ilaha ialloh muhammadur rosululloh
SEMU GUNTING
Cinggir aing cinggir beusi,
jajangkung waja balitung,
dampal leungeun taji malela,
langlang lingling langlang lengleng,
langlang lingling langlang lengleng,
sia jaga pati aing jaga paksa .
ANTI CUKUR & SILET
Sirah keusik ti baetulloh,
rambut rajeg beusi purasani,
kulitku waja balitung,
tutug pucus tanpa banyu,
hanaraga tanpa sukma tok biar muktanana,
sirah matian roh sirah hu,hu.
NGALEULEUSAN BEUSI ( (Bedog ,Linggis jeung sajabana )
Beusi kari daki, waja kari kesang,
rep sirep ku Gusti nu Maha Suci.
Dibaca bari tahan nafas 3X
AJI RAJAH KALACHAKRA
ya maroja-jaromaya
ya marani-niramaya
Ya silapa-palasiya
ya midosa-sadomiya
ya dayuda-dayudaya
ya sikaya-kayasiya
eyangbeunteur 2009
27
ya simaha-mahasiya
ya midara-daramiya
QULHU QOMARA GENI
Bismillahirrohmanirrohim,
Allahumma Du'a bali sumpah waliyulloh,
Ana muka badan yaa rosululloh,
Allahumma ( yaa bali 3X )
sakudung ingsun Qulhu komara geni tutup bali,
Balika 3X Balikum 3X
TERAWANGAN TERAWANGAN 1
Sirr rasa cahyaning rasa ,mut maya tejaning maya
di baca 300x ba'da shalat fardhu
TERAWANGAN 2
Yaa hayuu, Yaa Qoyuum ...3x
Fashala robbuna ala muhammad
Fashala ala nuuril qirom
Fashala ala badri taman
dibaca 7x tahan nafas
TERAWANGAN 3
Bismillaahirrohmaanirrohiim. Ya Allah Ya Waliyullah
sipat langgeng aji luhi kamaseha sarining gampang,
sacipta polah kaula ningali (.... sebutkeun naon ru rek di terawang),
(gampang….3X.)
mun neang barang keris,batu ali jsb…cepengan barangna di leungeun
katuhu,bari deukeutkeun kanu tarang
eyangbeunteur 2009
28
TERAWANGAN 4
Inna quwwatih quwatah kun fayakun yaa ghoib yaa bathin
dibaca 11x bari tahan nafas,terus mujasmedi bari dibaca lafadzna saloba-
lobana
NGARAGA SUKMA
Bismillaahirrohmaanirrohiim. Ya Allah Ya Waliyullah
sipat langgeng aji luhi kamaseha sarining gampang, sacipta polah kaula
kaluarna sukma tina raga (gampang…3X)
..
Top Related