Warna kecap
Transcript of Warna kecap
![Page 1: Warna kecap](https://reader031.fdocument.pub/reader031/viewer/2022012308/55897684d8b42a896d8b46c6/html5/thumbnails/1.jpg)
WARNA KECAP
Warna Kecap
Kecap Lulugu
Barang Pagawean Sipat Bilanga
n
Kecap Pancen
Panambah
Panganteb
Panganteur
Panahap
Panagntu
Aspek
Modalitas
Panyambung
Satata
Sumeler
Papasangan
anteuran
Pangantet
Panyeluk
VIDEO
![Page 2: Warna kecap](https://reader031.fdocument.pub/reader031/viewer/2022012308/55897684d8b42a896d8b46c6/html5/thumbnails/2.jpg)
2
Kecap Lulugu (utama) nya eta warna kecap nu miboga harti leksikal (harti kamus), sarta umumna bisa dirobah wangunna
Kecap pancen nya eta warna kecap anu umumna jadi pakakas kalimah, ilaharna teu miboga harti leksikal, sarta hese dirobah wangunna
![Page 3: Warna kecap](https://reader031.fdocument.pub/reader031/viewer/2022012308/55897684d8b42a896d8b46c6/html5/thumbnails/3.jpg)
Kecap panambah nya éta kecap pancén anu umumna jadi panambah kana unsur puseur dina wangunan frasa taributif, jaba ti éta ogé aya nu jadi katerangan dinaklausa.
• Panganteb, pikeun ngantebkeun babagian kalimah anu dipentingkeun
• Panganteur, pkeun nganteurkeun kecap pagawéan, sakapeung ngnteurkeun kecap sipat.
• Panahap, pikeun nuduhkeun tahapan kayaan atawa sipat hiji barang, umumna dibarengan kecap sipat.
• Panangtu, pikeun nuduhkeun sesebutan, nangtukeun, milang, jeung ngawatesanan kecap barang
• Aspék, pikeun nuduhkeun lumangsungna kajadian boh geus réngsé boh can réngsé
• Modalitas, pkeun nuduhkeun sikep panyatur kana situasi nu karandapan
![Page 4: Warna kecap](https://reader031.fdocument.pub/reader031/viewer/2022012308/55897684d8b42a896d8b46c6/html5/thumbnails/4.jpg)
Panambah
Panganteb
(atuh,tuh,
baé,deuih,
ogé,mah, téh,téa, waé,wé,
nya)
Panganteur
(dug,belecet,berebet …)
Panahap(rada,semu,mani,pohara,sarua,paling,leuwih,bener-bener
…)
Panangtu
(si,ki,mung,ngan,pun,tuang,sakur,unggal,pirang2,sadaya,sakaumna,samudayag,belecet,berebet …)
Panambah
aspék(mimiti,léos,bari,geus,biasana,mindeng,jarang,nuju,keur)
Panambah
Modalitas
(hayang,arék,mugia,hayu,mangga,cing,kahadé,kawasna,meuereun,bilih,kudu,misti,tangtu
Panganteur
![Page 5: Warna kecap](https://reader031.fdocument.pub/reader031/viewer/2022012308/55897684d8b42a896d8b46c6/html5/thumbnails/5.jpg)
Kecap panyambung nya éta kecap pancén nu gunana pikeun nyambngkeun babagian kalimah
• Satata, pikeun nyambungkeun babagian kalimah anu satata
• Sumélér, pikeun nyambungkeun anu teu satata, antara indung kaimah jeung sélér kalimah
• Papasangan, pkeun nyambungkeun babgian kalimah satata, biasana sok papsangan cicingna di awal jeung di tengah klausa
• Anteuran, pikeun nyambungkeun babagian kalmah dina alinéa atawa paragraf.
![Page 6: Warna kecap](https://reader031.fdocument.pub/reader031/viewer/2022012308/55897684d8b42a896d8b46c6/html5/thumbnails/6.jpg)
Panyambung
Satata/koordinatif(jeung,katut,atawa,tapi,tuluy,malah
,)
Sumélér/subordinatif
(basa,barang,sanggeus,lamun,bisi,sangkan,lantaran,
da,najan,nepi ka,pangna,nu
matak,bari,yén,anu,pikeun,jiga,iwal,
)
Papasangan/korelatif
(boh..atawa…, duka …duka ….)
Anteuran(jadi,cindekna,naj
an kitu)
![Page 7: Warna kecap](https://reader031.fdocument.pub/reader031/viewer/2022012308/55897684d8b42a896d8b46c6/html5/thumbnails/7.jpg)
• Kecap pangantet nya eta kecap pancen nu gunana pikeun ngantetkeun caritaan kana katerangan, ilaharna cicing hareupeun kecap barang. Contona: di, dina, ka, ti, jiga, ku, iwal, nepi ka, keur, jaba, ka.
![Page 8: Warna kecap](https://reader031.fdocument.pub/reader031/viewer/2022012308/55897684d8b42a896d8b46c6/html5/thumbnails/8.jpg)
Kecap panyeluk nya eta kecap pancen pikeun ngebehkeun ngungkapkeun rasa panyatur. Contona: wah, ih, euleuh, nuhun, aduh, hag siah..