pidato-serah-tarima-panganten.docx

9
NARIMAKEUN PANGANTEN LALAKI Assalamu'alaikum wr. wb. Alhamdulillahiladzi hadzana lihadza wama kunna linahtadiya laula anhadzanallah. Allohumma sholli 'ala sayyidina muhammadin 'abdika wannabiyyika arosullikannabiyil ummiyi wa 'ala alihi washohbihi wassallam. Puji sinareng sukur urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Kalayan rahmat sareng karunia ti Manten-na, alhamdulillah dina dinten ieu urang sadaya tiasa riung kempel dina ieu pajemuhan, dina raraga silaturahmi. Kalihna ti éta, urang kempel téh insya Alloh seja tumut kana pidawuh Alloh kalih Rosulna, nyaéta ngalaksanakeun walimatunikah. Urang sadaya seja nyakséni kalayan ngajurung ku du'a kana naon rupi anu dipimaksad ku sohibul makosid sakulawargi. Solawat sinareng salam mugi-mugi dikocorkeun ka jungjunan urang sadaya, habibana wa nabiyana, Kangjeng Nabi Muhammad SAW, kalayan mugi-mugi dikocorkeun ogé ka kulawargina, ka para sohabatna, ka tabi'in tabi'atna kalebet urang sadaya kaom muslimin anu tumut kana ajaranana. Pamugi urang sadaya kalebet umat anu kénging syafaat di yaumil ahir. Amin. Bapa kalih Ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring! Kalayan asmana sohibul makosid Bapa ........................................., langkung tipayun ngahaturkeun réwu nuhun ka panata acara anu parantos maparinan waktos ka sim kuring kanggo ngadugikeun naon rupi anu dipimaksad ku sohibul makosid. Hatur nuhun laksa keti kabingahan kasanggakeun ogé ka para sesepuh anu sami-sami rawuh, ka dulur-dulur anu ti lembur, ka barayabaraya anu araya. Teu hilap ka para tokoh ti palih

Transcript of pidato-serah-tarima-panganten.docx

Page 1: pidato-serah-tarima-panganten.docx

NARIMAKEUN PANGANTEN LALAKI

Assalamu'alaikum wr. wb.

Alhamdulillahiladzi hadzana lihadza wama kunna linahtadiya laula

anhadzanallah.

Allohumma sholli 'ala sayyidina muhammadin 'abdika wannabiyyika

arosullikannabiyil ummiyi wa 'ala alihi washohbihi wassallam.

Puji sinareng sukur urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Kalayan

rahmat sareng karunia ti Manten-na, alhamdulillah dina dinten ieu urang

sadaya tiasa riung kempel dina ieu pajemuhan, dina raraga silaturahmi.

Kalihna ti éta, urang kempel téh insya Alloh seja tumut kana pidawuh

Alloh kalih Rosulna, nyaéta ngalaksanakeun walimatunikah. Urang sadaya

seja nyakséni kalayan ngajurung ku du'a kana naon rupi anu dipimaksad

ku sohibul makosid sakulawargi.

Solawat sinareng salam mugi-mugi dikocorkeun ka jungjunan urang

sadaya, habibana wa nabiyana, Kangjeng Nabi Muhammad SAW, kalayan

mugi-mugi dikocorkeun ogé ka kulawargina, ka para sohabatna, ka tabi'in

tabi'atna kalebet urang sadaya kaom muslimin anu tumut kana ajaranana.

Pamugi urang sadaya kalebet umat anu kénging syafaat di yaumil ahir.

Amin.

Bapa kalih Ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring!

Kalayan asmana sohibul makosid Bapa .........................................,

langkung tipayun ngahaturkeun réwu nuhun ka panata acara anu

parantos maparinan waktos ka sim kuring kanggo ngadugikeun naon rupi

anu dipimaksad ku sohibul makosid.

Hatur nuhun laksa keti kabingahan kasanggakeun ogé ka para sesepuh

anu sami-sami rawuh, ka dulur-dulur anu ti lembur, ka barayabaraya anu

araya. Teu hilap ka para tokoh ti palih tonggoh, anu mikadeudeuh ti palih

landeuh, ka handai tolan anu ti péngkolan, ka nu ngaranggo tudung anu ti

Bandung, ka para rumaja sareng wanoja ti ieu desa, sareng kum ka

sadayana warga sinareng wargi anu teu disebat hijihiji, anu sami-sami

gingsir linggih, nawiskeun kaasih diri, dongkap lenggah nembrakkeun

katresna manah, pada rawuh mihatur lunturna kalbu, ngaliaturkeun

nuhun kana kasumpingan sadayana.

Page 2: pidato-serah-tarima-panganten.docx

Bapa kalih Ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring!

Dina ieu kasempetan sim kuring ngahaturkeun wilujeng sumping kalayan

ngahaturkeun réwu nuhun laksa keti kabingahan ka Bapa kalih Ibu, ogé

palawargi sadayana ti rombongan calon pangantén pameget, anu

parantos rawuh ka ieu lembur, parantos sumping ka ieu bumi. Kantenan

baé rawuhna para sepuh, sumpingna para wargi téh parantos dianti-anti ti

tadina, diajang-ajang ti anggalna. Hapunten anu kasuhun wiréh dina

panampianana éstuning dilalaworakeun. Bapa-bapa lénggahna di

patempatan anu kirang sampurna. Wargi-wargi linggihna di pangcalikan

anu kirang utami. Ieu panampian téh boa-boa lebet kana paripaos werit

ku budi sareng parangi, tebih ti basa utami, heureut pakeun kirang bahan,

angang ti basa utama. Atuh ku kituna luntur kalbu anu kasuhun, jembar

manah anu diteda, wening galih anu dipamrih ti sadayana kana rupining

katuna sareng kakirangna.

Bapa kalih Ibu, sakumaha anu tadi kakuping ku urang sadaya, naon rupi

anu parantos didugikeun ku pangersana sesepuh ti pihak calon pangantén

pameget, saurana téh seja nyanggakeun Cép .................., ti luhur sausap

rambut ti handap sahibas dampal, ti tengah tina pangkonan.

Nyanggakeun rambutna salambar, getihna satétés, ambekanana sadami.

Nyanggakeun ti luhur saujung ketu, ti handap saujung sapatu, di

tengahna anu kitu, anu sawaktos-waktos sok jiga surutu.

Sateuacanna sim kuring nampi kana éta pamaksadan, pamugi kauninga

utamina ku Cép ................. kalih sepuhna, wirehna pun anak téh, Néng

................, upami disebat atah mah éstuning masih kénéh atah. Atah ku

pangwarah tebih ku pangatik, meryogikeun kénéh pangaping sareng

pangjaring ti para sepuh, malah mandar tiasa ngawangun rumah tangga

anu runtut raut répéh rapih.

Salajengna sakumaha anu parantos didugikeun ku sesepuh ti pihak calon

pangantén pameget nembé, anu nyaurkeun yén Cép ............ sumpingna

ka dieu téh saurna henteu jangjang henteu jingjing. Mung nyandak nu

sarupi, nyaéta nu ngaringkuk kawas kuuk, nu bosongot kawas marmot, nu

ngaréngkol osok ngompol, nu bedegul lir doran pacul. Teu sawios-wios,'

da di dieuna ogé teu disampakkeun naon-naon, mung disampakkeun

Page 3: pidato-serah-tarima-panganten.docx

Néng ................ nu kagungan tilas raheut nu kapungkur. Nanging raheut

sanés saraheut-raheutna, legok sanés salegok-legokna. Éstuning raheut

asli ti ajali, legok candak ti kudratna, paranti neundeun kadeudeuh paranti

nunda pelakeun.

Atuh kalihna ti éta, sagédéngeun Cép .........., anu jajapna alhamdulillah

sakitu seueurna. Ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut ngembat-ngembat

nyatang pinang. Ngaleut leubeut ku tanggeuyan, ngembat rébo ku

cacandakan. Ngabringna rimbil ku jingjingan. Sim kuring kalayan asmana

pangersana Bapa ............... sakulawargi, ngahatureun réwu nuhun

laksaketi kabingahan. Hatur nuhun kana rupining cacandakanana.

Bapa kalih Ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring!

Kalayan asmana pangersana Bapa ................. sakulawargi, diwuwuh ku

para sepuh ogé disakséni ku palawargi, kalayan ngucap

bismillahirrohmanirrohim sim kuring nampi kana naon rupi anu janten

pamaksadan sesepuh ti pihak calon pangantén pameget. Mugi-mugi ieu

murangkalih téh, Cép .......... sareng Néng ......... tiasa kauntun tipung

katambang béas, laksana anu diseja, dikobul ka balé nyungcung. Insya

Alloh sakedap deui ieu murangkalih téh urang rungrum ku pangdu’a dina

acara anu poko, nyaéta akad nikah.

Rupina sakitu pisanggem ti sim kuring. Bobo sapanon carang sapakan.

Langkung saurna bahé carékna, hapunten anu kasuhun.

Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalamu'alaikum wr. wb.

Page 4: pidato-serah-tarima-panganten.docx

PANG JAJAP PANGANTEN LALAKI

Assalamu ‘alaikum wr. wb.

Inna hamdalillah. Nahmaduhu wa nastai’nuhu wa nastagfiruhu wa na udzubillahi min syururi

anfusina wa min sayyiati a’malina. Mayyahdzillahu fala mudzilallah wama yudlilhu fala

hadiyalah.

Asyhaduanla ilaha illalah wahdahu la syarikalah, wa asyhadu anna muhammadan ‘abduhu wa

rosuluhu, la nabiya ba’dah.

Puji anu janten mimiti ngamugi-mugi ka Gusti Nu Maha Suci. Puja minangka bubuka carita,

urang sanggakeun ka Pangéran Nu Murbeng Alam, kalayan sukur kapihatur ka Alloh Nu

Maha Gofur.

Alhamdulillah wa syukrillah wa ‘ala ni’matillah, dina dinten ieu anu dimulyakeun ku Alloh

SWT, urang sadaya parantos dikersakeun ku Manten-na tiasa kempel ngariung dina ieu

pamaksadan, dina raraga nyambungkeun tatali silaturahmi antawis papada urang salaku umat

muslim. Atuh kalihna ti éta, urang ngariung téh seja nyakséni kalayan ngadorong ku du’a

kana naon rupi anu dipimaksad ku sohibul makosid sakulawargi.

Solawat sinareng salam mugi-mugi dikocorkeun ka jungjunan urang sadaya, habibana wa

nabiyana, Kangjeng Nabi Muhammad SAW, kalayan mugi-mugi dikocorkeun ogé ka

kulawargina, ka para sohabatna, ka tabi’in tabi’atna kalebet urang sadaya kaom muslimin anu

tumut kana ajaranana. Pamugi urang sadaya kalebet umat anu kénging syafaat di yaumil ahir.

Amin.

Bapa kalih Ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring!

Langkung ti payun ngahaturkeun réwu nuhun ka panata acara anu parantos maparin waktos

ka sim kuring kanggo cumarios dina ieu pasamoan.

Hatur séwu nuhun utamina kasanggakeun ka pangersa Bapa Sastra Wiguna sakulawargi anu

parantos ngangken kalayan nampi ka sim kuring sinareng rombongan, ku panampian anu

kalintang nyugemakeunana. Abot nyuhun abot nanggung abot narimakeunana. Teu aya anu

tiasa dipisanggem iwal ti seja menekung ka Nu Maha Agung, ngamugi-mugi ka Gusti Nu

Maha Suci, pamugi rupining kasaéan Bapa Sastra Wiguna sakulawargi sing janten amal soléh

anu dipirido ku Alloh SWT. Amin.

Bapa miwah ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring, sakumaha anu kauninga ku urang

sadaya, wiréhna pun anak Cép Tata dongkapna ka dieu diwuwuh ku parasepuh, duriung ku

wargi-wargi, dijajap ku pirang-pirang pidu’a, kantenan sanés lantung tambuh laku sanés

léntang tanpa béja. Nanging aya maksud kolbu nu dituju, aya maksad manah anu diseja.

Wiréhna kapungkur sabadana pun anak, Cép Tata, patepang anu munggaran sareng Néng

Page 5: pidato-serah-tarima-panganten.docx

Titi, rupina ngaraos kapetik ati kapentang asmara cinta. Bubuhan Néng Titi apan sakitu

sieupna. Saur juru pantun mah geulisna bawa ngajadi éndahna bawa ti kudrat. Dedeg sampé

rupa hadé. Gadona endog sapotong, beungeutna ngadaun seureuh, irungna

kuwungkuwungan, tarangna teja mentrangan. Diteuteup ti hareup sieup disawang ti tukang

lenjang. Pantes saupami Cép Tata teras kagémbang kapéngpéongan. Atuh kaleresan diwuwuh

ku batu turun keusik naék, itu purun ieu daék, dugi ka pasini jangji hoyong cacap jatukrami.

Dina danget ieu, Cép Tata téh rupina seja maheutkeun jangji pasinina, gaduh maksud hoyong

mungkas alam lalagasan, ngancik di alam rimbitan, teteg jejem rék muru ka balé nyungcung,

manawi aya rido ti Gusti Nu Maha Agung.

Dina ieu kasempetan, kalayan kasakséni ku wargi-wargi, ogé diwuwuh ku para sepuh, sim

kuring seja nyanggakeun pun anak, Cép Tata, ka ramana Néng Titi, pangersana Bapa Sastra

Wiguna kanggo ditikahkeun dina danget ieu.

Atuh ka Bapa Sastra W iguna sarimbit, hususna ka Néng Titi, ti danget ieu Bapa sareng Ibu

salaku sepuhna nyanggakeun Cép Tata, ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal, ti

tengah tina pangkonan. Nyanggakeun rambutna salambar, getihna satétés, ambekanana

sadami. Nyanggakeun ti luhur saujung ketu, ti handap saujung sapatu, di tengahna anu kitu,

anu sawaktos-waktos sok jiga surutu.

Kalihna ti éta, Cép Tata dongkapna ka dieu téh éstuning henteu jangjang henteu jingjing.

Mung ieu wé saurna nu dibantun téh mung sarupi, nyaéta nu ngaringkuk kawas kuuk, nu

bosongot kawas marmot, nu ngaréngkol osok ngompol.

Numawi Cép Tata teras ngaréka sisindiran:

Karéta nyorang tanjakan

jalanna maju ka kidul.

(Wios) Cép Tata teu cacandakan,

asal étana bedegul.

Saur Cép Tata, éta nu bedegul lir doran pacul téh tos ngukuntit ti aalit, dicacandak ti

bubudak, nanging éstu teu acan pisan digolangkeun. Bubuhan dipaké pamikul bengkung,

dianggo pangérét bingkeng, dianggo tihul teu hurung. Numawi teras dibantun wé ka dieu.

Manawi di dieu mah tiasa dimangpaatkeun ku Néng Titi, dianggo geusan nyiptakeun

kabagjaan lahir batin. Jadi pamatri asih laki rabi dina ngambah sagara rumah tangga.

Bapa kalih ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring!

Sateuacanna nampi kana ieu pamaksadan, pamugi kauninga utamina ku Néng Titi, wiréhna

Cép Tata téh mung jangkung luhur salirana wungkul. Ditilik tina harti sareng hartana mah

éstuning sepi harti tuna harta, suwung ku kaweruh. Atuh ditilik tina rigigna sanés rigig santri,

Page 6: pidato-serah-tarima-panganten.docx

dirérét tina légégna sanés légég Bapa Lebé, masih kénéh meryogikeun pangatik sareng

pangdidik ti para sepuhna, malah mandar tiasa ngawangun rumah tangga sakinah sakumaha

anu dipiharep ku urang sadaya.

Bapa kalih Ibu, dongkapna sim kuring sareng rombongan ka ieu tempat téh katingalna mah

ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut ngembat-ngembat nyatang pinang. Nanging ngaleut téh

henteu leubeut ku tanggeuyan, ngembat téh teu rébo ku cacandakan. Ngabringna henteu

rimbil ku jingjingan. Éstuning keupat eundang ngadaleungdang, indit sirib ngaligincing. Éta

cenah aya nu kajingjing sakedik, kabantun bari ngalangkung, duka naon. Duka artos sapésér

duka kaén sacewir. Éta mah haturan waé kanggo Néng Titi, tamba isin ngaligincing.

Minangka pangjajap pangjurung laku ka Cép Tata sareng Néng Titi, hidep duaan téh

mangrupi sekar munggaran anu mekar mangkakna pinuh ku harepan. Bébér layar tarik

jangkar, ngarancana mungkas mangsa lalagasan, sapuk rék muru ka balé nyungcung. Mugi-

mugi pamaksadan hidep duaan sing tiasa tinekanan. Sing teteg henteu galideur dina nyorang

paneka rumah tangga.

Sabada diwalimahan, mugi-mugi hidep duaan sing tiasa ngawangun rumah tangga nu

ngarunggunuk kawas dukuh, ngarandakah kawas manjah, ngaréndékéh kawas séréh. Sing

ayem tengtrem kutaraharja. Runtut raut sauyunan, sareundeuk saigel sabata sarimbagan

sabobot sapihanéan. Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak. Ka cai sing getol mandi, ka

darat sing getol solat. Sing tiasa silih simbeuh ku kadeudeuh, silih kojayan ku kanyaah, titih

rintih mupusti rasa kaasih, tebih tina hiri dengki anggang tina pacéngkadan. Sing jauh tina

salingkuh, guyub akur sauyunan, ngawangun rumah tangga nu sakinah mawadah wa rohmah.

Bapa miwah ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring, rupina pisanggem sim kuring

urang cekapkeun sakitu waé. Mugi agung cukup lumur, jembar hapuntenna anu diteda, bilih

langkung saur bahé carék. Bilih aya budi anu kajingjing ti tepis wiring, basa anu kacandak ti

padésaan. Bilih aya nu kabadug kalbu kagedag manah, kabentur tuur kabéntar taar, kababuk

punduk kapangkék kélék, kaciwit imbit katajong tonggong sareng bobokong. Hapuntenna

anu kasuhun.

Pamungkas pisanggem, hatur séwu nuhun kana sanéskawis perhatosanana.

Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalamu’alaikum wr. wb.