Paguneman Basa Sunda
-
Upload
shifa-hariati -
Category
Documents
-
view
44 -
download
6
description
Transcript of Paguneman Basa Sunda
Paguneman Basa Sundadisusun pikeun ngalengkepan pancén mata palajaran Basa Sunda taun
ajaran 2014-2015
ku:
1. Cici Setiawati W.A.2. Defly Nadila P.3.Muthmainnah K.A.4. Shifa Firdaus H.5. Vira Diana A.
XII IPA 1
SEKOLAH MENENGAH ATAS BPI 1BANDUNG
2014
Paguneman
*di luar kelas*
Cici : Minggu payun téh aya pancénnaon waé?
Muti : Paling pancén Basa Subnda nu ngadamel video paguneman téa geuning.
Vira : Nu sakelompok-sakelompok sanés?
Shifa : Muhun vir, nu sakelompok-sakelompok.
Defly : Ai kelompokna saha waé?
Cici : Arurang wéh atuh.
Shifa : Hayu atuh, badé iraha ngadamelna?
Muti : Abdi énjing nyandak kaméra atuh nya.
Vira : Saha nu tiasa ngédit?
Shifa : Soklah ku abdi wéh.
*di jero kelas*
Vira : Naskah keur vidéona badé ngeunaan naon?
Cici : Ngeunaan arurang nu badé ulin ka lémbang wéh atuh.
Defly : Tong ih, étamah tos ku kelompok nu séjén.
Shifa : Ngeunaan urang nu badé ngadamel vidéo sunda wéh atuh.
Muti : Nya sok tah kitu wéh atuh.
*Ngadamel naskah*
Vira : Naskahna kieu wéh nya? Ieu def, terjemahkeun.
Defly : Sok dieu, ku abdi diterjemahkeun, bantosan tapi nya.
Cici : Sok ku abdi dibantosan.
Shifa : Engké ku abdi diéditna mah.
Muti : Sok Shif, ké ku abdi dibantosan.
*Shifa jeung Muti indit*
Defly : Ai lemesna “imah” naon?
Cici : Bumi.
Defly : Ai lemesna “aing” naon?
Cici : Abdi.
Vira : Naon deui sih Def? Cenah manéh nu rék nerjemahkeun?
Cici : Geus wéh mun kitu ku urang wéh diterjemahkeunana.