Bangsat Surabi !

download Bangsat Surabi !

of 7

description

Carita Pondok

Transcript of Bangsat Surabi !

Carpon Dadi Margana

BANGSAT SURABI !

Sarengsena kuliah po harita ! Teu kungsi sumpang-simpang, kuring ngungkug laju muru kamar kontrakan. Sasarina sok nyimpang heula ka Nasi Padang peuntaseun tukang potokopi nu nyanghareup ka Jalan Lengkong Besar. Sabrakeun dahar sor harita ! Keur peuting mah biasana sok maksakeun kukulunuan ngadon dahar di Pasar Ancol, agahan th mh murah. Tampolana lamun hoream, kawas pareng peutingna hujan, cukup ku ninyuh emih ba keur ngaganjel beuteung nu kukurubukan nagih eusi mah.Keur taun mimiti mah kuliah di Bandung, osok og dirobda ku rasa ngarasula, mikiran milik diri asa diteungteuingan ku nasib. Keur dilembur mah stu teu kungsi dibangbaluhan ku mikiran dahar sapopo. Dahar kari am - teu kudu mikir diwatesanan sapo sabaraha kali. Deungeunna teu weleh dipupujuhkeun ku nu jadi Indung. Lakar dak wa, rk lauk cai atawa lauk hayam. Geus lumbrahna di lembur mah ampir tiap imah baroga balong jeung ngarurus ingon-ingon.Sanggeus di kota, wayahna hirup jadi sarwa walurat ngandelkeun pangirim kolot. Sabulaneun ta th kudu mahi dijeujeuhkeun. Mokaha mimitina ku sabab can biasa ngarerewet pangirim ti kolot, mindeng tekor teu cacap sabulan, bekel geus koredas manten. Mindeng mulang ka lembur nyalah mangsa, ngurihit mnta deui bekel. Kolot asa can pernah mondah komo deui mangloh ngarasula kana pamnta nu jadi anak. Taun kadua mimiti timbul rasa kara nyangkaruk dina hat. Jorojoy pananya nu jolna ti diri sorangan, meureun kolot mere sabulaneun th geus meunang ngijir, piraku teu mahi wa ! Nya ti harita kusabab hat kaeuntreupan ku rasa rumasa geus ngabangbaluhan nu jadi kolot, sautik-saeutik bisa ngajeujeuhkeun bekel pangirim ti kolot. Angot saterusna mah nepi ka boga cita-cita, kuliah di Bandung th kudu bari jeung bisa matahkeun ngala duit sorangan ulah nepi ka nyusahkeun teuing kolot. Ide mimiti nu napel na uteuk th kuliah bari nyambi balantik jual beuli naon wa nu sakirana bakal pipayueun. Ngan das rarancang balantik th can ngawujud wa, puguh can boga modal nu cukup keur ngamimitian usaha. Pikeun ngabuktikeun ta patkadan mimiti dak ngumpulkeun duit. Lamun aya nu ngahiras kutak-ketik naon wa, boh laporan tugas harian mahasiswa, atawa laporan akhir kawas skripsi tara kungsi dipondah butuh ta ku buruhna. Mokaha tina pabeja-beja jadi loba og mahasiswa anu jadi langganan. Teu ngan ukur kutak-ketik wungkul. Nga-revarasi Kompiyuter nu ruksak osok ognan dileukeunan. Puguh deui anu ngahiras nyieun program dasar basis PHP, Java Script, HTML atawa Visual Basic mah sasat antri nungguan.Po harita og, matak balik rurusuhan ka kamar kontrakan th. Geus jangjian dina SMS jeung Si Cpi budak Administrasi Niaga nu hayang dipang-upgrade keun BIOS Laptopna. Teu kalis geus kungsi dipapatahan cara-carana nga-upgrade BIOS. Dasar mahasiswa kedul, da piraku ari bodo mah jadi mahasiswa.Hareupeun kamar kontarakan kasampak Si Cpi keur nangtung bari surungah serengh. Leungeun kencana katara ngajingjing krsk hideung, jerona kaciri ngelemeng nasi bungkus. Hampura rada telat Pi. Sadatang-datang kuring sasadu. Padahal mah ukur basa-basi.Teu nanaon Jat, kakara nepi urang g !Sanggus mereunahkeun tas kuliah luhureun ksel. Si Cpi dititah ka jero. Teu kaleked manehna asup nuturkeun.Kaluarkeun Pi, Acer nu rek diupgrad th ! Tenang we heula Jat, asa mangcapekeun urang mah. Kakara g balik kuliah ! Mending madang heula atuh !. Ngomong kituna th bari ngaluarkeun bungkusan jero krsk hideung. Puguh ta nu diarepkeun ti tatadi og. Teu ngengkekeun deui nasi bungkus dihenggoy. Mejeuhna lapar atuh. Ukur memenitan nasi bungkus tinggal bungkusna.Geus tumaninah reureuh dahar ! Deker we laptop bogana si Cpi th di oprek. Nu bogana mah teuing ngaleos kamana, pupulihna mah rek meuli roko. Teuing dimana meuli rokona da mani ngampleng.Bada Isya si Cpi kakara datang ka kamar kontrakan. Sura-seuri kawas nu meunang kasinugrahan.Beres laptop th, Jat ?.Anggeus ti tadi og, kamana heula ari Ent ? Meuli roko mani ngampleng. Ka Surabaya meulina ?!.Meuli roko-na mah sakeudeung. Ngan biasa..euy anak muda lah. Kenalan heula jeung ta, budak EsEmA nu imahna peuntaseun jalan. Mani teu beja-beja euy aya barang antik th. Harianeun Ent mah !Saha Si Hsti kitu ?. Kuring nyoba-nyoba neguh. Da saha deui atuh budak EsEmA nu imahna papeuntas-peuntas, kahalangan ku jalan gang mah ukur Si ta. Heueuh ta, Hsti ngarana th. Lindeuk euy ! malah isukan peuting g, kuring dititah ulin ka imahna. Si Cpi ngabuih nyaritakeun papanggihana ciknh.Sukur we lah ari kitu mah, puguh geulis Hsti mah !. Moal era mamawa euy, bogoh sumpahna og urang mah. Rek serius lah !.Nya kumaha Ent we lah, ngan kade we.....alusna mah saleser heula, ulah padu wa !. Puguh rada hariwang, bubuhan ka sobat medok. Cuw-cewna tatangga kontrakan mah, loba nu ngomongkeun goreng ka Hsti th. Nu boga kontrakan kungsi ngomong manggihan Hsti dibabawa ka Hotel ku lalaki nu sauumur jeung bapana. Mas Saliman, tukang baso nu ngontrakna gigireun imahna Hsti kungsi og merego manggihan lalaki kaluar subuh-subuh ti jero imahna Hsti. Neng Nia, anak nu boga warung deukeut kontrakan nyebutkeun majar th Hsti mah Cewek Bispak, Bisa Pakai cenah mah.Ari nempo ku panon sorangan mah puguh encan, Pi ! Karek ceuk omongan batur. Bari rada asa-asa ngomong th.Enya nuhun we diingtan ! Ngan asa piraku euy, komo ari Jatnika can nempo ku panon sorangan mah, saukur karek ngadeng ceuk batur. Boa sirik batur mah !? Rek lah-lahan dicobaan dideukeutan. Bongan geus kapalang bogoh, bongan geulis, bongan ngalayanan, bongan.!.Heup-heup, ceuk tadi g, kumaha Ent ! Ayeuna mah, cobaan Laptop. Meungpeung didieu keneh !. Ngahaja nyarita kitu ambeh Si Cpi paler, ingtanna henteu ka bikang wa.Teu ngomong deui, manehna mencet tombol restart. Henteu kungsi memenitan Laptop hurung.Alus ayeuna mah, Windowna bisa kabuka deui. Nuhun Jat !. Ngomong kituna th bari jongjon we tonggoy kana layar monitor. Panonana mah ngulincer nengetan program nu geus diinstal marengan panona nu ngagser-gser mouse.Bisi aya program nu can aya mah, nginstal sorangan we Pi ! Master-na mah kari neangan luhureun meja. Cekeng th bari anteng nempokeun Si Cpi nu jigana pikirana geus pindah kana laptop, teu museur teuing ka Hsti. Keur anteng kitu, paralak.paralak kadenge, sora cihujan cing paralak ninggang hateup asbes kamar kontrakan. Nempo galagat hujan bakal pigeudeun, Si Cpi jadi btah dikamar kontrakan. Kawasna moal waka trh- trh balik. Nincak jam sabelas peuting, hujan mimiti rada raat. Kawasna kari girimisna wa. Si Cpi jongjon keneh nyoo laptop, keur googling interntan kawasna mah. Kuring mah geus ngagojod luhureun kasur, ngan can reup sar harita th, kitu w gglehean !.Jam sakitu katambah mentas hujan. Ngajadikeun jalan gang hareupeun kamar kontrakan kacida simpena. Jalma-jalma kawasna mah waregaheun rk kaluar imah th, Tukang Mi tk-tk g nu biasana sok ngulampreng bari tatakolan, harita mah teu kungsi kadenge sorana.Meujeuhna jemplang-jempling. Kadenge hawar-hawar sada nu keketrok kana panto atawa jandela. Sorana teu pati tarik. Si Cpi g kawasna ngadengeeun, sabab panona nu titatadi molototan layar laptop jadi cengkat. Rungah-ringeuh nempo kana kaca jandela kamar, padahal mah moal kaciri kaluar da make rrgan atuh.Sing haruleng duaan, ngadedengekeun sora nu keketrok diluar, bari hat mah teu wudu rada mangsar-mingsir, sieun jalma nu rek niat jahat. Kajurung kupanasaran kuring maksakeun rek cengkat tina kasur. Kark g ngudaran simbut nu nuruban suku, ana gorowok th aya jelema nyorowok. Kadenge sorana mah jigana Mas Saliman.Maling.Maling, tolong ada Maling !. Ngadenge nu gogorowokan kitu, jalma sa-gang ta mah jadi riweuh, lalaki nu jagjag jlung-jleng lalumpatan muru datangna sora. Kuring g jeung Si Cpi nya kitu keneh teu tinggaleun, gasik paheula-heula muka panto kamar kontrakan. Barang bray panto di buka, da puguh deukeut ti kamar kontrakan ngan ukur kahalangan ku jalan gang leutik. Karrt aya jalma semu cingogo jiga nu sawan kuya ngayekyek handapeun jandela kamar Hsti. Kajurung ku angkeuhan bakal loba jelema daratang - nu harita g geus mimiti jul-jol. Kawasna nimbulkeun tumuwuhna kawani dina diri Si Cpi. Kaciri manehna dongko nyokot batu handapeun tras imah, anu lumayan rada gede og. Bari ngajingjing batu manehna nyampeurkeun ngadeukeutan jelema nu keur cingogo ta. Sabek-bekeun batu ditenggeulkeun. Jelema nu cingogo th jadi ranggah leungeuna mere isarah, tanda jelema anu menta dipikarunya. Mas Saliman rikat ngenyang leungeun Si Cpi, bari nyurungkeun awakna sina mundur.Ampunampun, tong dirogahala kuring mah lain bangsat !. Nu cingogo th kadenge nyoara ayeuna mah.Mun lain bangsat naon atuh maksudna peuting-peuting kukulunuan handapeun jandela imah batur. Mas Saliman mimiti mariksa.Nu ditanya teu nembalan, manehna kaciri beuki ngadgdg. Jelema geus mimiti ngagimbung hareupeun jandela kamar. Kaciri sawarh geus mimiti teu sabar, tingcorowok sangeunahna. Paehan jelema kitu mah, tuman ! Diantarana aya nu nyorowok kitu. Ngadenge nu ngomong kitu, ngan jerit ti jero kamar, Hsti ceurik ngajerit !.Tong sieun-sieun sok ngomong ! Sakali deui teu nembalan pananya ti Kami. Wayahna tong disalahkeun lamun urang dieu bakal nyieun tindakan ka Diri Anjeun !. Pa Ert nu anyar datang cacarita, bari pepeta nitah mundur ka jelema nu harita ngaliud.Maksudna rek naon wayah kieu Anjeun aya didieu, Sok jawab euy!?. Nyaritana Pa Ert rada sarh ayeuna mah.Didi..piwarang ku Hsti, Pa !.Dipiwarang kumaha !?.Siang th amengan jeung Hsti ka Ciater dugi ka tabuh tilu. Tadi nuju hujan abdi di-SMS saurna lamun hoyong mah datang we ka bumi. Ketrok we Jandela kamar payun, kitu saurna th. Ngadeng caritaan ieu jelema. Nu cing laliud beuki saheng, jelema jadi rcok sapamanggihna-sapamanggihna.Lain bangsat atuh ari kitu mah !. Ceuk nu saurangSidik bangsat ta og euy, bangsat surabi !. Ceuk Nu sejena bari seuri tingcikikik.Geus-geus ayeuna mah bubar-bubar !. Pa Erte nitah bubar ka riungan jalma loba.Asup ka kamar kontrakan patutur-tutur jeung Si Cpi, manhna walh moal balik, rk ngilu mondok wa di kamar kontrakan. Sapeuting jeput Si Cpi teu sare sakerejep-kerejep acan, ngomongna ka kuring mah baluas cenah, kabayang lamun harita batu kaburu digejretkeun kana sirah jelema, nu disangka bangsat ta !

6